Jumat, 05 September 2008

Sieun Ku Basa Sunda


SIEUN KU BASA SUNDA.
Pandu Radea.

Aya anggota dewan ti Ciamis, basa rek muka hiji acara kabudayaan sasadu moal nyarita ku basa sunda sabab sieun salah cenah. Babakuna mah dina ngalarapkeun undak usuk basana atawa entep seureuhna. Antukna biantara teh make bahasa Indonesia padahal nu dipedarna ngeunaan kasundaan. Atuh kadanguna jadi teu nyari nyaritana, asa ning-nang ngabandunganana.
Kajadian kitu teh mindeng pisan, loba pajabat nu ngarasa kateug mun pidato ku basa sunda utamana mun nyarita di hareupeun forum. Padahal eta basa teh sapopoena sok dipake paguneman. Boh ngobrol sabulang-bentor, ngadabrul atawa hog hag parasea, tetela geuning ari keur kitu mah teu rumasa nyalahan, malah galecok tur parigel.
Ana kitu mah atuh harkat basa sunda teh ukur jang campur gaul sapopoe wungkul, hese unggah mun dijadikeun panganteur dina acara-acara resmi. Boh kagiatan dines pamarentahan, kaelmuan, pulitik jst. Padahal harkat basa sunda keur jaman Karajaan Sunda atawa Galuh kacida luhurna. Lain bae jadi bahasa sastra, malah jadi basa resmi nagara.

Harita, basa sunda nu can kapangaruhan ku budaya kromo inggil ti Jawa teu diuger ku status social. Kecap sia (tina siya) nu ayeuna dianggap basa kasar, baheulana mah apan basa sapopoe cacah jeung menak. Ngan keur jaman kiwari, kulantaran aya undak usuk tea, tangtu ulah ari sua sia teuing di pagempungan mah. Bisi dibaledogan.
Pikeun nanjeurkeun deui basa sunda sangkan harkatna diajenan, kudu diluluguan ku kaom elit dina widang gawena sewang-sewangan. Sabab cek Hawe Setiawan, kaum elit mah boga kasempetan dina ngigelan jeung ngigelkeun jaman bari antukna mangaruhan balarea, kaasup dina widang basa. Mun seug kaum elit parigel ngagunakeun basa sunda dina satiap momen penting, piraku harkat basa sunda teu ngajaul mah.
Jadi, kaum elit teh ulah sieun mun nyarita make basa sunda dina hiji kagiatan resmi. Ulah kagok ku undak usukna, sabab eta mah pan datangna ti Mataram ieuh. Ulah ngarasa era ku ayana anggapan yen basa sunda teh henteu intelektuil atawa kurang gaul. Sabab anggapan eta kacida salah jeung bodona. Sarua jeung maehan maneh. Ulah nepi kajadian, yen urang sunda kiwari gengsi nyarita ku basa sunda sabada nuang hot dog di supermarket.

Tidak ada komentar: